Senin, 06 Agustus 2012

Bulan

Langit mabra raang ku bentang
Tingkaretip bangun gareugeut semu kareueut
Angin ti mumunggang motah umpalan
mapakan hehejo daun
Halmun bet anggur ngeput jagat nu keur
meujeuhna lumindu

Duh.. Bulan
Ku anteng maneuh nembongan
teuneung ludeung kawas teu keueung

Duh.. Bulan
ku tengtrem kawas nu moal carem
Nyaangan alam padang narawangan

Duh.. Bulan
kawas nu teu lewang, jauh tina kahariwang
nyaangan
Isola, 25 Februari 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar