CARPON


             Jeung enyana, ayeuna mah kuring sok loba ngalamun.
            Beurang peuting gé ngalangeu wé, teu puguh laku. Rus-ras ingetan ngulayab ka mana baé. Saban rék nyanghareupan peuting, sakapeung aya rasa keueung. Unggal rék dug saré, rarasan téh sok aya nu maturan. Rarasaan. Ana geus sadar, geus puguh nyorangan.
            Meureun geus diguratkeun ku Pangéran. Teu bisa majar kumaha, najan diri banget migandrung gé, keukeuh mo bisa ngrobah takdir. Kapan enyana, takdir mo bisa dipungkir, kadar moal bisa disinglar. Geus kuduna kitu. Ukur bisa sadrah jeung tumamprak.
            Sajeroning kitu, kuring ngan bati hanjelu. Ngusahakeun neger-neger manéh tina kasedih nu teu suda-suda. Tuda saha nu teu sedih, nu dipiasih jeung dipikacinta kalah ngolémbar. Puguh baé asa dipupul bayu, asa niruk jajantung.
            Reup kuring peureum. Angkeuhan téh nyoba-nyoba ngaleungitkeun ingetan nu ngulayab manteng baé. Sugan baé leungit. Tapi keukeuh, dipeureum-peureum gé kalah beuki manteng ingetan téh. Batan leungit kalah anggur ngagunasika, minuhan eusining lelembutan.
Ngolébat deui, ngolébat deui. Bet kumacacang baé.
Bréh deui lambaran-lambaran panineungan kuring mangsa tepung munggaran. Atra kagambar dina sajeroning lamunan. Natrat kénéh dina lelembutan. Geus puguh ari kasono mah, mungguh saban waktu teu weléh mikangen. Mana komo mun keur manja, leuh beuki pohara sonona téh. Lain éta wungkul nu jadi beurat mopohokeun téh, pangpangna mah nu matak moal kapopohokeun téh mun keur meunang kasenang atawa kabungah, anjeun mah sok némbongkeun kasenang téh ngaliwatan hahaleuangan atawa nembang. Bari hahariringanna téh teu weléh imut deuih. Puguh wé matak pikagemeseun.
Kituna téh geus biasa anjeun mah. Kapan mun ku kuring dititah nembang gé, tara mugen. Ngong baé nembang sacéréwélna. Puguh baé da turunan. Sakulawarga penembang kahot wungkul. Matak pantes anjeun sok hahaleuangan jeung tetembangan gé da puguh aya teureuhna. Jaba ti hadé sora téh, pangawakan anjeun pantes deuih. Mun ceuk dina dunya sastra téa mah, mun ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup, tarangna teja mentarang, biwirna ipis semu nyempring, pipina kadu sapasi, socana mani cureuleuk, halisna ngajélér paéh, taktakna taraju emas, pinareup cumengkir gading, matak poho anu nénjo. Perenahna mah meureun mojang lenjang ti Sumedang. Matak pada kagémbang  mun ningali anjeun téh. Geus puguh ari kuring mah.      
Kungsi harita basa kuring ngajak ulin, anjeun bangun keur meunang kabungah. Katémbong tina budi parangi anjeun nu marahmay. Sapanjang jalan teu weléh hahariringan. Kuring teu pati engeuh mimitina mah, ana ditenget-tenget horéng hahariringan baé geuningan. Kuring teu ieuh curak-carék, jeungna deuih asa betah ngadéngéna gé. Nu matak diantepkeun baé.
Sapanjang jalan, kuring ngan ngabetem baé. Rék nyarita asa kararagok. Jeungna, najan sakitu geus lila babarengan, baku mun rék ngajak ngobrol gé kalah sok bingung picaritaeunana. Antukna kalah samar polah. Jep baé kuring jempé.
Soré éta mah kabeneran poé téh rada ceudeum. Haleungheum. Kawas alamat rék pihujaneun. Ngan baé kuring mah teu pati miroséa. Anteng baé leumpang niat rék ka tempat pangulinan téa. Sugan ari geus nepi mah teu jempé teuing. Bisa ngobrol jeung anjeun téh.
Teu lila ti harita, bet cluk-clak cihujan téh. Beuki lila beuki kerep. Ngan teu ngagebrét hujan téh harita mah. Kuring jeung manéhna ngiuhan heula handapeun tangkal nu  randakah. Kawas nu ngahaja, hujan ngan ukur ngepris. Sabot keur ngiuhan téh, kakara anjeun nyarita:
“Kang, geuning hujan téh kawas nu ngaheureuyan,” pokna.
“Numawi, sugan téh bakal ngagebrét hujanna, ” walon kuring.
“Hmmm.. mhun,” témbalna bari nyéh imut.
Kateuing kunaon mun ningali manéhna imut téh sok dumadakan baé haté téh. Matak tingtrim kana ati.    
            Trok! Trok! Trok!
            Kerejet! Kuring ngagebeg. Lamunan nu sakitu jauhna kageureuwahkeun ku sora nu keketrok ti luar. Bet angger manteng baé lamunan téh, padahal da geus puguh ayeuna mah manéhna ninggalkeun kuring alatan kagémbang ku nu séjén. Arrrrgggghhhh!!!
            “Kardi.. Kardi..!” sada nu ngagentraan.
            Kuring teu pati tenget kana sorana. Top kana érloji gigireun, katingali geus jam salapan peuting.
            “Kardi.. Kardi..!!” nu ngagentraan beuki tarik sorana.
            Kuring rada ngarengkog. Can tenget saha-sahana. Jeungna deuih, geus peuting sinarieun aya nu rék tatamu. Sangggeus rada lila, goloyoh kuring mukakeun panto. Blak panto dibuka. Horéng Mang Mursid ngajanteng hareupeun panto.
            “Aeh.. Aya pikersaeun naon Mang? Linggih Mang”, pok téh rada reuwas.
            Sup, asup ka jero imah. Gék diuk dina korsi ruang tamu.
            “Emang meunang béja, Kardi.” Pokna deui.
            Kuring rada kerung. Teu pati engeuh pamaksudan Mang Mursid nganjang ka imah téh. Tara ti sasari Mang Mursid nganjang ka imah lain wayah. Lembur nu sakitu jauhna nu ngalantarankeun manéhna arang langka nganjang téh. Kari-kari ayeuna nganjang. Sabot ngunek-ngunek kapanasaran kitu, pok deui Mang Mursid nyarita.
            “Meunggeus, tong teuing jadi pikiran bisi gering. Keun wae si Nia ayeuna jeung batur gé. Anggur mah sing sabar. Ayeuna mah sing janglar haté.” Pokna halon.  
            Kuring ukur bisa ngabetem diomongan kitu téh. Sabenerna mah nyeri haté téh basa manéhna teu pupuguh ninggalkeun. Pédah aya nu rék mileuleuheungkeun pakayana loba tinimbang kuring. Teu bisa majar kumaha, da puguh harita mah manéhna geus teu nolih perkara rasa kawasna téh. Gerentes kuring.  
            “Eu.. eu..”
            “Sugan aya gantina, Kardi.” Témpas Mang Mursid.
            “Cocoba éta téh, Di. Sing sabar!”
            Mang Mursid ngarti pisan kana duduk pasualan nu karandapan ku kuring téh. Nu matak ngahaja méré piwejang sangkan kuring bisa kuat.
            Kuring ukur unggeuk bari ngaheruk.
*

            Isuk-isuk pisan kuring anteng ngalangeu di tepas hareupeun imah. Bari ngararasakeun hiukna angin, katingali dangdaunan tingarulang katebak angin. Panon poé sésélékét nyaangan buruan imah nu kahalangan ku tangkal anu linduh.
Bari neuteup ka jauhna, top kana cikopi meunang ninyuh. Regot diinum, karasa nimat. Sabot kitu, katingali aya jalma ngagidig bangun rurusuhan, ana ditengetan horéng Mang Mursid nyampeurkeun ka lebah kuring. Sanggeus anjog, katangén hahéhoh capé Mang Mursid téh. Manéhna kawas nu rék nepikeun béja ngan teu kebat awahing ku capé.
“Aya naon Mang? Kawas aya picaritaeun penting, rurusuhan ka dieu?” ceuk kuring rada panasaran.
“Emang meunang béja, cenah si Nia paséa jeung salakina nepi ka pipirakan,” témbalna bari haroshos.
“Naha cenah Mang? Sakitu senangna kapan Mang”
“Nyéta Di, cenah pédah lalakina kagémbang ku awéwé séjén nu leuwih,” témbalna deui.
Astagfirulloh, ari gebeg téh. Ngadéngé béja kitu bet ujug hémeng sorangan. Teu percaya sajongjonan mah, sugan téh bakal lana. Boa nu kieu karma téh. Gerentes téh.
***

I Wahyudi Sofyan
Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah